Senin, 30 Maret 2015

CARPON : Asih Nu Sajati "Sebenernya ini tugas basa sunda waktu kelas 11 daripada gue simpen mendingan gue post" Hehe




 
S
ajorélat panon poé ngaliwat luhureun embun-embunan. Soré ieu, manéhna teu kawas poé-poé biasana ngagupayan ngajak deukeut bari geugeut, layung nu ti tadi ngempur hurung ngan sakadar di rérét sakolébat. Soré éta, warna-warni pangbagéa bet kataker ku manéhna ngan saukur pulas panyumputan langit jeung layungna, pada-pada ngalanglayung bada ditandasa mangsa.
            “Enung, bet gumeter ramo-ramo haté kuring ngagupay gupay salira”kuring cicing bari sidakep, panon manco ninggali layung anu ngempur surup. Kuring teu bisa ngaucap boh lampah, kuring kaku ngadéngé ucapan manéhna.
            “Enung naha bet  jempé?” kuring tikoréjat reuwas pas leungeun manéhna nyepeng tak-tak kuring. Kuring malik ninggali manéhna. Ayeuna panon manéhna aya pas di hareupeun kuring.
            “kuring gé teu apal Kang”ceuk kuring bari mundur rada ngajauhan. Manéhna nunduk bari seuri semu gumasep. Lain gumasep deui, da kanyataan nagé Akang mah katinggali kasep rék kukumaha waé oge.
            “kasaha deui kuring nyimpaykeun rasa. Asih nu sampurna mun dibarengan ku haté anjeuna. Kuring teu apal kudu kasaha néangan kakasih nu sajati, haté kuring déngdék ka Enung. Deudeuh Enung tampi ieu citresna tina geter haté Engkang sagemblengna!”kuring ngajenghak ngadéngéna. Asa ngimpi asa lain, tapi basa kuring nyiwit pipi karasa pisan nyerina. Kuring teu bisa kukumaha, rék nampa da bisi bohong rék nampik da kuring gé bogoh.
            “Akang lain keur diajar drama? Sing bener Kang kuring embung heuheureuyan”. Kang Adi nyamperkeun kuring bari nyepeng leungeun kuring.
            “ragap haté Engkang! Wungkul salira nu ngalengkepan carita haté Engkang”ceuk manéhna bari nyekel pageuh leungeun kuring. Panon anu kacida éndahna ngeplak kaciri tihareupeun kuring.
            “kuring teu bisa ngajawab ayeuna pisan, Kang. Kuring butuh waktu keur mikir jawaban anu pareng”. Kang Adi seuri gumasep, manéhna ninggali langit tuluy ninggali deui ka kuring.
            “kuring teu bisa mamaksa salira keur narima cinta kuring. Kuring daék ngadagoan salira nepi ka salira siap ngajawab rasa kuring”. Kuring seuri bungah, atoh ku atohna pisan. Ngan kuring kudu mikir keur kahareupna, najan kuring bogoh ka Kang Adi, kuring gé kudu tatanya ka kolot jeung sobat kuring. Sugan wé amun di widi an ku kolot jeung babaturan mah, hubungan kuring jeung Kang Adi bisa bener tur pareng.
            Isukna kuring geus nyaritakeun sagalana ka kolot kuring, aranjeuna ngawidian asal kuring kudu bener ngajaga kahormatan, ulah jadi awéwé anu daék di kukumaha ku lalaki. Ahirna kuring indit ka imah Ranti sobat kuring anu nyaho sagalana ngeunaan kuring. Ranti sok nyaho waé naon-naon anu alus jeung nu goréng lamun di lakonan ku kuring. Tung-tungna Ranti gé ngawidian lamun kuring jadi jeung Kang Adi.
            Soré na kuring ngajangjian Kang Adi panggih di tempat basa kamari urang ketemuan. Kuring di baturan ku Ranti méh sagalana aya nu ngélingan.
            “put, Kang Adi geus dibéjaan? Naha bet geus jam sakieu can datang waé. Panon poé kaburu surut urang bisi kaburu kapeutingan didieu"
            Kuring teu daék cicing, titadi suku cilingcingcat kaditu kadieu. Haté ngarasa teu geunah mikiran waé Kang Adi. Teu lila HP kuring disada, dina layarna aya tulisan ngaran Kang Adi.
            “ran, Kang Adi nelepon”
            “buru angkat”ceuk Ranti ngabejaan.
            “hallo assalamu’alaikum?”
            “Kuring salaku ti dinas perhubungan. Ieu sareng kaluargana Jang Adi?”
            “sanes, kuring mah réréncanganna. Aya naon nyah pak?”
            “kieu téh, Jang Adi Kacilakaan motor. Ayeuna geus dibawa ka rumah sakit. Punteun wartoskeun ka kulawargana kumargi mung nomor ieu anu can lila di hubungan ku Jang Adi”
            “astagfirullahaladzim.......”kuring leuleus ngadéngéna. Sirah asa beurat, dada asa eungap. Leungeun gé teu kuat nyekelan HP, kuring ngagubrak kanu taneuh. Ranti lulumpatan nyampeurkeun kuring bari nananyakeun kunaon, tapi kuring teu bisa kukumaha. Teu lila, sagalana katinggali asa poék.
            Kuring muka panon nu karasana meuni beurat, di sagala juru katinggali ngeplak bodas. Kuring hudang bari néangan batur ngan nu aya tempat ieu kosong molongpong euweuh nanaon. Ti kajauhan kuring ninggali aya lalaki, tina pangawakanna jiga pisan jeung Kang Adi. Kuring nyampeurkeun bari ngagupay-gupaykeun leungeun ka manéhna.
            “Kang Adi!”manéhna ngalieuk bari seuri ka kuring. “Kang Adi rék kamana?”
            “Engkang geus digeroan ku nu Maha Kawasa, Enung cicing tong ngilu. Enung mah can waktuna”manéhna maké baju bodas nu ngageblay nepi ka handap. Katinggali ti luhur aya tangga anu panjangna parat nepi ka langit alam barzah. Kang Adi geus di jemput ku Gusti Agung, ngan kuring can ridho saméméh ngabéjakeun jangji kuring nu rék ngajawab rasa nu pernah di béjakeun ku Kang Adi.
            “Kang....”kuring nyekeul leungeun Kang Adi ngan teu ka ceukeul, awakna geus jadi roh.
            “Kang, Enung can ridho saméméh nyampéikeun jangji kuring ka Engkang”. Kang Adi seuri tuluy méré kode méh kuring sina geura ngomong.
            “cinta kuring, Engkang. Asih kuring... ngan di rembetkeun ka haté Engkang. Kuring nyaah ka Engkang, kuring narima cinta Engkang, kuring hayang jadi bidadari anu maturan Engkang di dunia jeung di ahérat”
            Kang Adi teu ngajawab, awakna geus ngapung kaluhur di papag ku utusan Nu Maha Kawasa. Kang Adi geus dibawa ka alam barzah.
            Kuring ngajenghak bari ngoprot késang saawak-awak. Ranti nu keur saré maturan kuring di kamar tikoréjat kahudangkeun. Cai panon tuluy murag juuh tinu mata maseuhan baju.
            “Kang Adi, Ran... Kang Adi”kuring ceurik eung euriheun. Ranti ngarangkul kuring bari ngusapan tonggong kuring.
            “muhun put... sabar. Kang Adi geus di bawa ku nu Maha Kawasa. Ikhlaskeun put, jodo mah moal kamana”ceurik kuring beuki ngagoak ngadéngé ucapan Ranti. Jadi nu tadi téh bener, Kang Adi méré béja ka kuring boh manéhna geus di bawa ku nu Maha Kawasa.
            Kuring asa sorangan, keueung, teu puguh rarasaan. Asih kuring, cinta kuring. Teu puguh kudu di bikeun deui kasaha. Curucud cimata meuntasan sagara kaasih nu can ka tepikeun sukmana.